Postingan

Menampilkan postingan dengan label ngajawab soal ujian

Kumpulan Carita Sunda Lucu Kaopat

Ngajawab Soal Ujian Dina soal ujian anu mangrupa esey, aya pituduh kieu: Pigawe tujuh, tina sapuluh soal anu kuhidep dianggap pangbabarina. Gudrud wae ku maneh na mah dipigawe sapuluh soalannana, terus dihandap make Implik-implik kieu: "Mangga we pilih tujuh, tina sapuluh jawaban anu pang merenahna." KADAHARAN PALING HARAM Ali : "Kadaharan naon nu haram?" Adun : "Babi..!" Ali : "Nu leuwih haram deui?" Adun : "Babi nu ngandung babi deui." Ali : " Nu pangharamna?" Adun embung eleh : " Babi nu ngandung babi teu boga bapa, siah...!" BAU JENGKOL Dasar milik, Karsih meunang undian anu hadiahna pelesir ka Uruguay kalayan garatis tur dibere bekel sacukupna. Nepi ka Uruguay, dihiji terminal Karsih gura giru asup kahiji wc umum, sigana geus teu tahan hayang sacer cereun kiih. Lima belas menit tilu puluh detik Karsih dijero wc, pas kaluar kasampak dihareupeun wc geus ngantri anu nek asup. Panghareupna saurang nini nini anu paro...