Carita Pondok Suwung Ku Elmu Sepa Ku Pangabisa, Teu Apal Alif Bingkeng Alif Bingkeng Acan
Carita Pondok Suwung Ku Elmu Sepa Ku Pangabisa, Teu Apal Alif Bingkeng Alif Bingkeng Acan Ku Nurzaman Nuh Sumber : kampoengsantri.wordpress.com Kalimah saperti judul anu di luhur mindeng pisan urang ngadengena anu nyirikeun yen jelema anu ngomong teh teu boga elmu tegesna mah bodo. Ngan lamun ku urang dititenan pas kalimah ‘teu apal alip bingkeng alip bingkeng acan’ ceuk budak santri mah eta teh kacida anehna. Coba urang guar eta kaimah ‘teu apal alip bingkeng alip bingkeng acan’ teh. Saperti di ajar ditempat anu formal sarupaning sakola, di pasantren oge aya tingkatanna, ngan pedah ari pasantren salafi(heubeul/kuno/henteu modern) mah tingkatanna lain ku kelas 1, 2, 3 jeung saterusna tapi tingkatanna teh ditangtukeun ku kitab anu diajina. Contona dina widang fiqih; lamun budak santri ngajina masih ngeukeuweuk kitab safinah berarti masih tingkatan dasar, lamun ngajina geus kana takrib atawa fathul mu’in berarti tingkatan tengah, lamun geus kana I’anah, fathul jawad, al-umm jeung saj...