Carita Pondok Harewos Keur Indung

Carita Pondok Harewos Keur Indung

Ku Teh Nila

Sumber : Basa Sunda dot com

Carpon Haréwos Keur Indung ku Téh Nila



Ti barang kuring di hirupkeun dina rahim indung, ti harita saenyana kuring sawadina jadi mahlukNa anu kudu sukur ni’mat. Indung mangrupa “janggélékna” muara kahirupan Mantenna pikeun umatNa. Mun teu aya indung, tinangtu moal aya kahirupan di dunya. Indung téh “mediator” antara Mantenna jeung manusa.


Kuring yakin rajaning yakin, indung kacida bagjana nalika kuring aya dina rahimna. Komo sanggeus kuring gelar ka dunya. Tangtu kuring dirawu, dipangku, dinangna-néngné. Sagala hal kahadéan diketrukkeun keur kuring. Sagala kapeurih geus teu dijadikeun itungan ku indung enggoning “ngajelemakeun” kuring.

Kiwari, mangsa kuring geus sawawa… geus bisa hirup jeung néangan hurip sorangan, kuring yakin, kabagjaan indung pari purna ku éta hal. Najan teu di tembrakkeun ka kuring, ka jalma-jalma… Kuring yakin, indung teu weléh agul-agulan ka dirina: “Anaking kiwari geus jadi “jalma”… !!”.

Éksprési kabagjaan anu tan wates wangenan tina hal anu teu sapira. Kuring geus jadi “jalma”, ceuk indung… tapi, naha kuring geus pantes disebut “jalma anu bisa mulang tarima ka indung?!”

Indung, nepi ka poé ieu satékah polah kuring nempatkeun anjeun dina posisi anu pangpunjulna. Ngan, kuring yakin nepi ka tutup umur, kuring hamo bisa naur sagala kahadéan anjeun. Sarénghap napas anjeun, jadi sarébu napas kahirupan kuring. Sausap kadeudeuh anjeun, jadi usap-usap nu natrat dina kahirupan kuring.

Cimata kapeurih anjeun, mangrupa panaur cimata kabagjaan keur kuring. Anjeun mahluk pangmulyana di satung kebing dunya. Hampura, kuring hamo bisa naur sagala kahadéan anjeun.

Hampura, kuring ukur bisa jadi anak nu “ukur” bisa naur kaha-déan ku hal-hal anu teu sapira. Urusan sakola, karir, (Insya Alloh) rumah-tangga, rejeki anu karasana ku kuring digampang keun ku Man-tenna, anu ceuk anjeun éta téh mangrupa kabag-jaan hirup anjeun keukeuh, hamo bisa naur sagala kahadéan anjeun.

Indung, mun seug kuring jeung anjeun geus dipegat pati kaasih ku-ring tetep nganteng keur anjeun, sakumaha tetep ngantengna “kakuatan” ti anjeun keur kahirupan kuring nepi ka tungtung mangsa. Kuring teu kawasa ngabagjakeun an-jeun dunya ahérat. Tapi kuring yakin, geus aya sawarga pikeun hirup anjeun jaga di alam nu hamo kadongkang ku manusa, ukur ti Manten-na.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Carita Pondok Beo Botak

Carita Pondok Angin Kasumba

Carita Pondok Jurig Imitasi