Postingan

Menampilkan postingan dengan label carita sunda lucu

Kumpulan Carita Sunda Lucu Kaopat

Ngajawab Soal Ujian Dina soal ujian anu mangrupa esey, aya pituduh kieu: Pigawe tujuh, tina sapuluh soal anu kuhidep dianggap pangbabarina. Gudrud wae ku maneh na mah dipigawe sapuluh soalannana, terus dihandap make Implik-implik kieu: "Mangga we pilih tujuh, tina sapuluh jawaban anu pang merenahna." KADAHARAN PALING HARAM Ali : "Kadaharan naon nu haram?" Adun : "Babi..!" Ali : "Nu leuwih haram deui?" Adun : "Babi nu ngandung babi deui." Ali : " Nu pangharamna?" Adun embung eleh : " Babi nu ngandung babi teu boga bapa, siah...!" BAU JENGKOL Dasar milik, Karsih meunang undian anu hadiahna pelesir ka Uruguay kalayan garatis tur dibere bekel sacukupna. Nepi ka Uruguay, dihiji terminal Karsih gura giru asup kahiji wc umum, sigana geus teu tahan hayang sacer cereun kiih. Lima belas menit tilu puluh detik Karsih dijero wc, pas kaluar kasampak dihareupeun wc geus ngantri anu nek asup. Panghareupna saurang nini nini anu paro...

Kumpulan Carita Sunda Lucu Kalima

Budak jeung Emana Budak umur tilu taun keur meujeuhna capétang ngomong, sagala rupa ditanyakeun ka emana. Budak : "Ma ari adé dikandung ku ema ka sabara sasih ?" Emana : "Salapan bulan salapan poé !" Budak : "Ari adé ayeuna umurna sabaraha taun ?" Emana : "Tilu taun !" Budak : "Ari ema nikah sareng bapa tos sabaraha taun?" Emana : "Tilu taun ogé !" Budak : "Jadi nu salapan bulan salapan dinténna...?" (tarangna kerung semu nu mikir) Emana : "Eh salah kétah, umur hidep téh ayeuna nembe sataun satengah!" ( rada gugup) Budak : "Ah..maenya umur adé nembé sataun satengah, tos capétang kieu!" Emana : "Geus ah tong loba tatanya, Pamali!" ( bari ngaléos indit ) (SR) Jiang Zemin Orang Garut ? Kabayan : "Abah kenal teu ka Jiang Zemin ?" Abah : "Nya apal atuh, mantan Presiden Cina sampai Maret 2003" Kabayan : "Uiii hebat euy ..." Abah : "Abah teaaa ....", bari...

Kumpulan Carita Sunda Lucu Katilu

DISITA Di kantor pulisi, pulisi keur ngaintrogasi Usro anu katewak geus ngalakukaeun perkosaan. Pulisi : “ Usro, rumasa maneh geus ngalakukeun perkosaan ka Nyi Unah?” Usro : “Rumaos, Pa”. Pulisi : “Ku sabab maneh geus ngaku ngalakukeun perkosaan, kapaksa ayena alat anu dipake merkosa Nyi Unah ku bapa rek disita sabage barang bukti !” Na da etamah di Usro les ngudupruk bari aduglajer. PEUYEUM Oji :“ Mang, sabaraha sakintalna peuyeum teh ?“ Tk Peuyeum : “Upami seueurmah wios lah dimirahkeun. Bade sabarah kintal kitu peryogina ?” Oji : “ Ah meser wae sagelempeng mah, kangge nu nyiram”. Tk Peuyeum :“ Kop we nyokot kadinya………..sakalian tambahan hiji keur mopok beungeut maneh !” JAJAMU Dokter :” Sudah berapa hari Bapak tidak bisa kencing?” Asnawi :” Tilu dinten, dok”. Dokter :” Makanan apa yang bapak makan sebelumnya?” Asnawi :“ Anu dok.........Eu......jamu sari rapet“. Dokter :“ Pantesan, rapet teuing meren!“ NEANGAN MUATAN Kuring : “ Nanaonan ieu the, Nek. Ongkoh beus Bandung-Jakarta. Naha...

Kumpulan Carita Sunda Lucu Kadua

TARUCING Adang :”Buah naon anu dimimitian kuhuruf A, B, C, D, E, F, G jeung huruf H ?” Agus :”Moal aya atuh. Dina ayana oge tangtu buah anu aheng”, Adang : “heug atu, bisi can nyaho mah ku kukring dibejaan, nyaeta : A : Anggur B : Bener nya anggur C : Ceuk uingge anggur D : Da anggur E : Eta teh anggur F : Fan anggur G : Goblog ceuk kuring anggur H : Heueuh nya anggur. SEMAH Semah : “Puntn, araya kitu nya?” Pribumi : “Aeh, araya, mangga kalebet !” Semah : “Bade tumaros, ari bumina Pa Ibroteh ieu kitu?” Pribumi : “Sumuhun, aya kaperyogian naon kitu?” Semah : “Ah, teu aya nanaon, mung hoyong terang bae rupana saderek Ibro the, hideng gening nya rupa Bapa the!” Pribumi : “Ontohod the siah………….!” OJEG Tk Ojeg : “Nu biasa we duarebu limaratus!” Endul : “Boga duitna ngan sarebu” Tk Ojeg : “Sok we numpak karunya!” Ojeg maju, den Endul anjecle dibonceng. Barang rek eureun, jedak. Ojeg nabrak tangkal kalpa. Endul : “Sing bener atuh, maenya eureun teh ditabrakeun kieu?” Tk Ojeg : “Hampura Endul,...