Postingan

Menampilkan postingan dengan label buah dalima

Carita Pondok Buah Dalima

Gambar
Carita Pondok Buah Dalima Ku Hana Rohana Sumber : Basa Sunda dot com Dawuh Rosululloh Muhammad SAW, “Sing saha baé jalmana anu migawé hiji kahadéan, ku Gusti Alloh bakal diganjar sapuluh tikel.” Kacaturkeun dina hiji mangsa, Siti Fatimah Zahra putra Kangjeng Nabi, geureuha Sayidina Ali bin Abi Thalib teu damang.  Henteu kersa pisan barang tuang, ngaleueut gé langka. Pikahariwangeun rama katut carogéna. Tapi Sayidina Ali hantem wé ngagelendut garwa supaya keresa barang tuang. “Cik atuh Nyi, sahuap mah barang tuang. Lamun teu kerasa barang tuang atuh moal aya tanaga. Sok nyarios, palay naon?” Walér Siti Fatimah, “Teu hoyong nanaon, Kakang. Parait,” ngan kitu jeung kitu wé waléran ka carogéna anu teu weléh melangeun téh. Hiji mangsa Sayidina Ali pok deui nyarios, “Nyai, bawirasa Kakang, piraku taya pisan anu dipikahayang. Kajeun Nyai enyaan teu damang. Pok wé wakcakeun, moal burung ditedunan.” Galindeng Siti Fatimah nyarios, “Nanging punten Kang, abdi téh asa-asa hoyong buah dali...