Postingan

Menampilkan postingan dengan label carita pondok jurig imitasi

Carita Pondok Jurig Imitasi

Gambar
Carita Pondok Jurig Imitasi  Ku Eddy Ruswandy Sumber : Basa Sunda dot com Sagala kapeurih asa can punah. Kasedih, nalangsa, tunggara masih gumulung jeroeun dada, teuing rék iraha musnana. Awak kuring nu kamari ieu ingsig, saeutik-saeutik karasa ngorotan. Sagala rupa taya nu mirasa, moal boa mun kurang-kurangna iman mah teuing geus milu nuturkeun, ninggalkeun dunya nu ramé ieu, nu pinuh ku sagala kapalsuan jeung katunggaraan. Do’a kuring salawasna marengan, mugia manéhna beubeulahan ieu haté sing meunang kabagjaan di jero kubur, sing ditarima iman islamna. Ogé kuring teu kendat nga’dua muga-muga keur diri kuring nu ditinggalkeunana sing kuat nandang sagala cocoba nu tumiba. Ngalangkang kénéh kajadian dua minggu ka tukang. Kalayan haté teu tenang, antara bogoh jeung cangcaya nungguan manéhna. Ari pamajikan kuring nu rék ngalahirkeun turunan nu munggaran. Bet geuning kitu buktina, sagala kacangcaya ngabuah jadi tunggara. Hak kuring kiamah bareng jeung musnana sagala harepan. Ani ...