Postingan

Menampilkan postingan dengan label carita pondok layung langit

Carita Pondok Layung Langit

Gambar
Carita Pondok Layung Langit  Ku Tety S. Nataprawira Sumber : Basa Sunda dot com PANAS poé mani morérét, angin halodo nyelesep, sésélékét kana sakujur awak Rasti. Karasana matak lalinu satulang sandi. Keur mah manéhna teu ngareunah, kawas anu rék salésma. Di tepas ngan aya manéhna sora ngan, jongjon nyanghareupan mesin jahit. Keur nganggeuskeun baju Nia, anakna nu ayeuna keur kuliah di Jogja. Taya sora nu kadéngé, iwal gurudugna mesin jahit meupeus kasimpé. Teu cara sababaraha taun ka tukang, basa sararéa ngariung kénéh. Aya Nia, aya si Ayah, sebutan sapopoé bapana Nia. Sok heureuy silih poyok, silih puji. Da bapa jeung anak téh sakaresep kana musik jeung ngalukis. Rasti ngabandungan sok bari nganggeuskeun hanca kaputeun kawas ayeuna. Pangaresep Rasti ngaput téh. Pangaresep nu bisa nambahan pangasilan keur meuli kabutuh sapopoé. Rét kana jam dina témbok, geus jam satu, ras manéhna inget can solat lohor. Buru-buru cengkat tuluy ka cai rék wudu. Basa asup ka kamar mandi, karasa a...