Postingan

Menampilkan postingan dari Desember, 2020

Carita Pondok Buhim

Carita Pondok Buhim Ku N Astrini Nursyamsiah Sumber : Mangle No. 2208 / ahyadarmawan.wordpress.com Teu nyangka horéng kitu aslina, jalma nu katingalina bageur, soléh, tur taat kana agama, sing horéng kitu buktina. Simpati nu aya dina diri, leungit jadi ceuceub. Saha nu nyangka manéhna kawas buhaya? Sabab katutupan ku tingkah jeung paripolahna. Ihhhhh “fans-fans” nu aya pasti bakal ngarasa kuciwa, lamun apal kumaha carita “Sang Idola”. Peuting harita, kacaritakeun di CCL aya acara. Kuring ngagugu paréntah atasan pikeun datang kana éta pintonan, nepika nyieuhkeun kahoréam, maksakeun indit. Bareng jol datang, kasampak geus aya nu tandang. Tempat nu sakitu legana geus pinuh ku jalma, pédah malem minggu meureunnya? Kuring nu elat datang, seselempét néangan tempat diuk panghareupna, atuh pintonan téh jelas katingalina. Kakara dua jam kuring di dinya, tapi haté ngarasa teu tingtrim, meureun ku sabab tara biasa kawas kalong iinditan tipeuting. Ti dinya kuring ngajak balik ka babaturan, dianteu

Carita Pondok “Moal Kapok”

Carita Pondok “Moal Kapok” Ku: Unang Sumarna Sumber : majalahsora.com Reugreug. Nyanghareupan wanci buka puasa téh geus nyampak sagala. Sambel goréng kentang mani maro peuteuy jeung siksik atina. Rarasaan mah asa ngeunah mani melenghir kaangseu kana irung. Seungit. Acan kurupuk udangna. Acan sop buahna meunang meuli ti warung hareupeun imah. Acan korma jang tajilna. Acan jang bibilasna sayaga bungbuahan. Nu amis-amisna gé geus sayaga jang ngalemkeun, puding roti tawar. Heu heu, kieu yeuh nasib korban wabah Corona. Kudu WFH alias digawé ti imah. Sagala kagiatan di imah. Lolobana mah kesel. Da gawé na mah ngan sakeudeung. Matak nu sasari riweuh ku pagawéan da balik burit waé nepika tara kacabak urusan dapur, kiwari mah kaburu. Sasarina béak waktu jang ngajar di sakola nu full day, ayeuna mah réa heuay ngabaheuhay. Matak jang ngeusian waktu nyoba popolah. Carana? Néangan resép na internét. Pan sim kuring mah tadi gé geus disebutkeun tara kaburu ka dapur, tara pangangguran masak, padahal n

Dongeng Si Kabayan Ngala Tutut

Gambar
Dongeng Si Kabayan Ngala Tutut Sumber : Lima Abad Sastra Sunda Cék Ninina, “Kabayan ulah héés beurang teuing, euweuh pisan gawé sia mah, ngala-ngala tutut atuh da ari nyatu mah kudu jeung lauk.” Cék Si Kabayan, “Ka mana ngalana?” Cék ninina, “Ka ditu ka sawah ranca, nu loba mah sok di sawah nu meunang ngagaru geura. Léos Si Kabayan leumpang ka sawah nu meunang ngagaru. Di dinya katémbong tututna loba, lantaran caina hérang, jadi katémbong kabéh. Tututna pating golétak. Tapi barang diteges-teges ku Si Kabayan katémbong kalangkang langit dina cai. Manéhna ngarasa lewang neuleu sawah sakitu jerona. Padahal mah teu aya sajeungkal-jeungkal acan, siga jero sotéh kalangkang langit. Cék Si Kabayan dina jero pikirna, “Ambu-ambu, ieu sawah jero kabina-bina caina. Kumaha dialana éta tutut téh? Lamun nepi ka teu beunang, aing éra teuing ku Nini. Tapi éta tutut téh sok dialaan ku jalma. Ah, dék dileugeutan baé ku aing.” Geus kitu mah Si Kabayan léos ngala leugeut. Barang geus meunang, dibeulitkeun

Carita Pondok Kuya Ngagandong Imahna

Gambar
Carita Pondok Kuya Ngagandong Imahna Sumber : didan12.blogspot.com kuya Jaman baheula aya Kuya imah-imah di sisi muara. Gawena ngahuma, ngahumateh indit isuk datang sore magrib. Hiji poe Kuya keur di huma, aya hujan geode bari jeung angina. Tatangkalan rarungkad imah Kuya oge kaapungkeun murag ka leuwi brus ti teleum. Sakadang Kuya sedih kacida, isukana manehna ngieun dei anu leuwih keker supaya te kabawa angina. Hiji poe manehna balik ti hima, Kuya teh masak pikeun dahar sore. Sabot masak Kuya kacai hela, keur di cai katingali hasep ngebul dina suhunan imahna ku Kuya diburu tapi imah geus angus seneuna gede nakeranan. Kuya teh ceurik. Keur kitu jol bae Monyet kolot. Monyet ngomong ka sakadang Kuya, "tong ceuri sakadang Kuya ngieun deui imahmah!” “Anu matak sakadang Monyet lain sakali wae kacilakaan imah teh bareto kabawa angina. Kudu kumaha akalnanya supaya imah awet?” cak sakadang Kuya! Sakadang Monyet ngajawab, “gampang atuh, ngarah imah ulah cilakamah dibawa bae, ulah ditingga

Carita Pondok Abdas Ku Ci Kiih Anjing

Gambar
Carita Pondok Abdas Ku Ci Kiih Anjing Ku Nurzaman Nuh Sumber : kampoengsantri.wordpress.com Kacaritakeun aya 2 urang santri nu keur gunem catur. Santri nu kahiji salaku santri tingkatan dasar nu karek apal safinah, tijan jeung jurumiyah hungkul tur ngaliwet oge masih keneh tutung. Nu hiji deui santri tingkatan tengah lumayan lah geus apal ari tibang alif bingkeng alif bingkeng wae mah. Supaya teu hese nyebutna urang ngaranan we santri nu dasar Somad jeung santri nu tengah Juned(Punten bilih aya nu namina sami, mung sakadar panokohan). Dina gunem catur eta maranehna keur ngobrolkeun masalah مياه(miyaah) nyaeta ngabahas cai. Si Juned ngomong kieu ka sahandapeunana Somad tea”Yeuh Mad, maneh apal teu? da meunang siah abdas ku cai kiih anjing oge” Somad ngareunjag”Ah maenya Mang (santri nu leuwih luhur tingkatanna atawa umurna biasana lamun di pasantren salafi mah sok disebut Amang) bet ci ikih jelema oge nu kagolongkeun lain mahluk najis geus kaasup najis komo deui anjing anu najisna oge k

Carita Pondok Suwung Ku Elmu Sepa Ku Pangabisa, Teu Apal Alif Bingkeng Alif Bingkeng Acan

Gambar
Carita Pondok Suwung Ku Elmu Sepa Ku Pangabisa, Teu Apal Alif Bingkeng Alif Bingkeng Acan Ku Nurzaman Nuh Sumber : kampoengsantri.wordpress.com Kalimah saperti judul anu di luhur mindeng pisan urang ngadengena anu nyirikeun yen jelema anu ngomong teh teu boga elmu tegesna mah bodo. Ngan lamun ku urang dititenan pas kalimah ‘teu apal alip bingkeng alip bingkeng acan’ ceuk budak santri mah eta teh kacida anehna. Coba urang guar eta kaimah ‘teu apal alip bingkeng alip bingkeng acan’ teh. Saperti di ajar ditempat anu formal sarupaning sakola, di pasantren oge aya tingkatanna, ngan pedah ari pasantren salafi(heubeul/kuno/henteu modern) mah tingkatanna lain ku kelas 1, 2, 3 jeung saterusna tapi tingkatanna teh ditangtukeun ku kitab anu diajina. Contona dina widang fiqih; lamun budak santri ngajina masih ngeukeuweuk kitab safinah berarti masih tingkatan dasar, lamun ngajina geus kana takrib atawa fathul mu’in berarti tingkatan tengah, lamun geus kana I’anah, fathul jawad, al-umm jeung sajaban

Carita Pondok Teng Manuk Teng Anak Merak Kukuncungan

Gambar
Carita Pondok Teng Manuk Teng Anak Merak Kukuncungan Ku Nurzaman Nuh Sumber : kampoengsantri.wordpress.com Dicaritakeun di hiji pakampungan aya hiji jelema tukang ngurus kebon, ngaranna Mubarok. Geus lila manehna teh gawe di eta pakebonan. Dina hiji mangsa datang anu ngabogaan kebonna tea, anu ngabogaan kebon teh nyaeta sodagar anu kacida beungharna ceuk paribasa tea mah bru dijuru bro dipanto ngalayah ditengahn imah di gigir si jabrig di kolong si jamrong di para si japra. Gek we tah dunungan anu boga kebon tea teh diuk di saung,tuluy manehna nyarita: “Mubarok kula teh asa hayang dalima anu amis, Cing pang ngalakeun!”. Ngadenge kitu, geuwat atuh Mubarok teh nimbalan bari ngajingjrit indit “Sumuhun juragan”. Teu lila ti eta Mubarok geus datang deui ka dununganna bari mawa dalima “Sumangga dicobian juragan” Kitu pokna Mubarok kanu jadi dununganna. Ari pas diasaan buah dalima teh karasa kesed tur haseum atuh dununganna teh nyarita:”Ah ieu mah haseum tur kesed, pentil keneh dalima teh Mub

Kumpulan Carita Sunda Lucu Kaopat

Ngajawab Soal Ujian Dina soal ujian anu mangrupa esey, aya pituduh kieu: Pigawe tujuh, tina sapuluh soal anu kuhidep dianggap pangbabarina. Gudrud wae ku maneh na mah dipigawe sapuluh soalannana, terus dihandap make Implik-implik kieu: "Mangga we pilih tujuh, tina sapuluh jawaban anu pang merenahna." KADAHARAN PALING HARAM Ali : "Kadaharan naon nu haram?" Adun : "Babi..!" Ali : "Nu leuwih haram deui?" Adun : "Babi nu ngandung babi deui." Ali : " Nu pangharamna?" Adun embung eleh : " Babi nu ngandung babi teu boga bapa, siah...!" BAU JENGKOL Dasar milik, Karsih meunang undian anu hadiahna pelesir ka Uruguay kalayan garatis tur dibere bekel sacukupna. Nepi ka Uruguay, dihiji terminal Karsih gura giru asup kahiji wc umum, sigana geus teu tahan hayang sacer cereun kiih. Lima belas menit tilu puluh detik Karsih dijero wc, pas kaluar kasampak dihareupeun wc geus ngantri anu nek asup. Panghareupna saurang nini nini anu paro

Kumpulan Carita Sunda Lucu Kalima

Budak jeung Emana Budak umur tilu taun keur meujeuhna capétang ngomong, sagala rupa ditanyakeun ka emana. Budak : "Ma ari adé dikandung ku ema ka sabara sasih ?" Emana : "Salapan bulan salapan poé !" Budak : "Ari adé ayeuna umurna sabaraha taun ?" Emana : "Tilu taun !" Budak : "Ari ema nikah sareng bapa tos sabaraha taun?" Emana : "Tilu taun ogé !" Budak : "Jadi nu salapan bulan salapan dinténna...?" (tarangna kerung semu nu mikir) Emana : "Eh salah kétah, umur hidep téh ayeuna nembe sataun satengah!" ( rada gugup) Budak : "Ah..maenya umur adé nembé sataun satengah, tos capétang kieu!" Emana : "Geus ah tong loba tatanya, Pamali!" ( bari ngaléos indit ) (SR) Jiang Zemin Orang Garut ? Kabayan : "Abah kenal teu ka Jiang Zemin ?" Abah : "Nya apal atuh, mantan Presiden Cina sampai Maret 2003" Kabayan : "Uiii hebat euy ..." Abah : "Abah teaaa ....", bari

Kumpulan Carita Sunda Lucu Katilu

DISITA Di kantor pulisi, pulisi keur ngaintrogasi Usro anu katewak geus ngalakukaeun perkosaan. Pulisi : “ Usro, rumasa maneh geus ngalakukeun perkosaan ka Nyi Unah?” Usro : “Rumaos, Pa”. Pulisi : “Ku sabab maneh geus ngaku ngalakukeun perkosaan, kapaksa ayena alat anu dipake merkosa Nyi Unah ku bapa rek disita sabage barang bukti !” Na da etamah di Usro les ngudupruk bari aduglajer. PEUYEUM Oji :“ Mang, sabaraha sakintalna peuyeum teh ?“ Tk Peuyeum : “Upami seueurmah wios lah dimirahkeun. Bade sabarah kintal kitu peryogina ?” Oji : “ Ah meser wae sagelempeng mah, kangge nu nyiram”. Tk Peuyeum :“ Kop we nyokot kadinya………..sakalian tambahan hiji keur mopok beungeut maneh !” JAJAMU Dokter :” Sudah berapa hari Bapak tidak bisa kencing?” Asnawi :” Tilu dinten, dok”. Dokter :” Makanan apa yang bapak makan sebelumnya?” Asnawi :“ Anu dok.........Eu......jamu sari rapet“. Dokter :“ Pantesan, rapet teuing meren!“ NEANGAN MUATAN Kuring : “ Nanaonan ieu the, Nek. Ongkoh beus Bandung-Jakarta. Naha