Postingan

Menampilkan postingan dengan label carpon yati nurhayati

Carita Pondok Nu Ngulutrak Tengah peuting

Carpon Nu Ngulutrak Tengah peuting Ku Yati Nurhayati Sumber : Tribun jabar Mei 2014 / yatinurhayati.com Panto ngulutrak tengah peuting, pasti    apa karek datang. Meh Unggal poe     apa datang tengah peuting bari kaayaan bau alkohol. Sainget kuring    apa tara boga pagawean nu netep, ceuk    apa mah bisnis    ngan duka teuing bisnis naon da can pernah untung.    Nu puguh mah pagawean apa teh ngan ukur namprak ka pamajikan. Sapopoe apa    ngurus motor    kameumeutna nu geus    kolot. Di usap dielap nepika herang mencrang. Isuk- isuk mun can aya cikopi can waka cengkat tina kasur,    sakapeung kuring sok keuheul kana kalakuan bapa, komo lamun geus sagala di alungkeun, gelas jeung piring    ngararapung    mun keur ambek ka pamajikan. Kuring jeung    ifan lanceuk kuring geus    teu aneh lalajo bapa nyiksa nu jadi indung. Sok nyarempod we dijuru bak...