Postingan

Menampilkan postingan dengan label carita pondok abdas ku kiih anjing

Carita Pondok Abdas Ku Ci Kiih Anjing

Gambar
Carita Pondok Abdas Ku Ci Kiih Anjing Ku Nurzaman Nuh Sumber : kampoengsantri.wordpress.com Kacaritakeun aya 2 urang santri nu keur gunem catur. Santri nu kahiji salaku santri tingkatan dasar nu karek apal safinah, tijan jeung jurumiyah hungkul tur ngaliwet oge masih keneh tutung. Nu hiji deui santri tingkatan tengah lumayan lah geus apal ari tibang alif bingkeng alif bingkeng wae mah. Supaya teu hese nyebutna urang ngaranan we santri nu dasar Somad jeung santri nu tengah Juned(Punten bilih aya nu namina sami, mung sakadar panokohan). Dina gunem catur eta maranehna keur ngobrolkeun masalah مياه(miyaah) nyaeta ngabahas cai. Si Juned ngomong kieu ka sahandapeunana Somad tea”Yeuh Mad, maneh apal teu? da meunang siah abdas ku cai kiih anjing oge” Somad ngareunjag”Ah maenya Mang (santri nu leuwih luhur tingkatanna atawa umurna biasana lamun di pasantren salafi mah sok disebut Amang) bet ci ikih jelema oge nu kagolongkeun lain mahluk najis geus kaasup najis komo deui anjing anu najisna o...