Carita Pondok Beo Botak
Carita Pondok Béo Botak Ku H. Usép Romli Sumber : Basa Sunda dot com M anuk beo nu Mang Oded, alus pisan, buluna hideung meles, Sorana ngoncrang, pinter ngabacéo deuih. Bisa nurutan sagala kekecapan nu kadenge ku manéhna. Unggal poé, éta beo sok dikencarkeun tina kurungna. Geus dimandian jeung dibérelé nyatu bungbuahan, diinuman sacukupna, diantep wéh sina leupas. Gegeleberan di buruan sakurilingeun imah, tara liar jauh. Sumawonna kabur, mun geus pasosoré mah hideng sorangan asup kana kurungna nu pantona ngahaja dibukakeun. Pakasaban, Mang Oded sapopoé muka toko. Kawilang kajojo di salembur éta mah, bubuhan tacan aya saingan, tuing ké lamun di deukeut alun-alun tulus ngadeg supermarkét mah loba nu balanja daratang. Beo nu ucla-ancle di dinya, sok ngucapkeun salam: “Assalamualaikum..” persis jelema. Mun salamna ditembalan, beo sok tuluy nanya : “Balanja, Mangga naon sakapalay..” Nurutan Mang Oded atawa Ceu Sumi, pamajikanana. Nu teu apaleun mah, nu balanjana anyar pinanggih, disangk...