Carita Pondok “Moal Kapok”

Carita Pondok “Moal Kapok”

Ku: Unang Sumarna

Sumber : majalahsora.com

Reugreug. Nyanghareupan wanci buka puasa téh geus nyampak sagala. Sambel goréng kentang mani maro peuteuy jeung siksik atina. Rarasaan mah asa ngeunah mani melenghir kaangseu kana irung. Seungit. Acan kurupuk udangna. Acan sop buahna meunang meuli ti warung hareupeun imah. Acan korma jang tajilna. Acan jang bibilasna sayaga bungbuahan. Nu amis-amisna gé geus sayaga jang ngalemkeun, puding roti tawar.

Heu heu, kieu yeuh nasib korban wabah Corona. Kudu WFH alias digawé ti imah. Sagala kagiatan di imah. Lolobana mah kesel. Da gawé na mah ngan sakeudeung. Matak nu sasari riweuh ku pagawéan da balik burit waé nepika tara kacabak urusan dapur, kiwari mah kaburu. Sasarina béak waktu jang ngajar di sakola nu full day, ayeuna mah réa heuay ngabaheuhay. Matak jang ngeusian waktu nyoba popolah. Carana? Néangan resép na internét. Pan sim kuring mah tadi gé geus disebutkeun tara kaburu ka dapur, tara pangangguran masak, padahal nu saenyana mah teu bisa héhé. Biasana gé sok ku réncang atanapi meuli nu asak. Ari ayeuna saprak meuweuh wabah Covid 19 jadi kesel. Loba waktu kosong, nya nyoba turun ka dapur. Komo ayeuna saprak Covid mah réncang téh anggur ménta eureun, dititah cicing di imah ku kulawargana. Nya kapaksa loba meuli nu geus jadi ti réstoran.

Kocap adan Magrib nu ditungguan geus ngalanglaung ti spéker masjid. Atuh riweuh cuk-cek kana korma barudak saopat-opat téh. Regot kana sirop tina sop buah. Da ari kuring mah teu puasa. Keur katatamuan ku tamu matuh hahalang awéwé. Resep ningali barudak nu tingrarényoh kana sop buah. Eureun téh bané waé ku bapana dihulag, ulah loba teuing, meuning dahar sangu heula. Teu kudu nitah dua kali, jaligrah mawa piring, ngalas na piring séwang-séwangan sanguna. Malum geus garedé. Nu bungsu waé geus kelas hiji SMP.

Kerewuk, kerewuk sangu disiuk. Terus sambel goréng ati téh disariuk satumpra éwang kana piring barudak. Kuring mah ukur mésem nempo kalakuan barudak nu sasayagaan daharna mani pak pik pek. Bener-bener jiga nu kalaparan. Kuring mah kalah diuk na sisieun bapana. Salsé wé teu puasa ieuh.

“Huééék, teu énak, hanyir!” Si Bungsu teu kuhanteu rék ongkék sanggeus ngahuapkeun sangu jeung sambel goréng nu munggaran. Puguh wé kuring jeung salaki reuwas.

“Wééwww asin!” Si cikal ngélél.
“Enya ih Ibu hanyir,” nu kadua mairan bari nginum. Nu nomber tilu nu can kaburu ngahuap ukur nangeuy gado bari ngetrèk-ngetrék sisi piring ku séndok. Jigana seléra daharna ngadadak leungit niténan kalakuan dulur-dulurna.

“Ah maenya?” Kuring reuwas. Rarasaan mah tadi geus diasaan asa henteu.
“Sok wé ku Ibu cobaan! Teu énak kitu ih,” Si Bungsu réaktif langsung nangtung.
“Alim emam ah Adé mah,” ceuk Si Bungsu. Anggur nyamber gelas és buahna. Langsung indit ka rohang hereup.

“Kaka gé moal emam,” ceuk Si Cikal nurutan kalakuan adina mawa gelas és campurna ka hareup dituturkeun ku dua dulurna nu séjén. Ngadon ngaharénggoy sop buah hareupeun tipi nu ngagembrung.

Ku kuring barudak diudag.

“Gancang dalahar ih! Mani teu ngahargaan pisan. Ibu téh capé geuning masak téh. Bélaan panas, bélaan capé,” kuring ngagéréwék.

“Sok wé jang Ibu, abi mah teu lapar,” Nu kadua némbal bari teu ngalieuk-lieuk acan kabéhannana gé. Jeletit kana haté karasa nyeri. Ambek nyedek tanaga midek. Capé gawé teu kapaké. Usaha hésé béléké téh asa teu dihargaan ku barudak. Gusti Alloh!

Salaki gancang norojol. Metot leungeun ka rohang makan deui. Inggis kateterusan.

Ku salaki sambel goréng diambungan. Salaki unggeuk tanda ngaenyakeun.

“Naha geuning kieu? Jigana sambarana kirang,” salaki ngomong leuleuy.

Hing kuring ceurik. Teu wasa nyarita deui. Berebet lumpat ka kamer. Segruk ceurik kanyenyerian na bantal. Ku salaki diantep sina waregeun ceurik.

Ngan kadéngé salaki kaluar sanggeus nanyaan hayang dahar jeung naon-naonna ka barudak. Teu lila kadéngé sora mobil ngagerung ti garasi gigireun pangkéng. Jigana salaki indit ka luar rék néangan deungeun sangu jang barudak buka.

* *

Geus méh jam sabelas, kuring nyileuk teu bisa saré. Pangajak salaki tadi, saenggeus manéhna salat magrib pikeun dahar bareng, da barudak mah geus dalahar ti heula, teu diwaro ku kuring. Malah basa salaki amitan rék tarawéh, da kabeneran di lembur téh bisa kénéh tarawéh barjamaah najan tara pinuh, jeung rakaatna dikurangan, kuring tetep can cengkat tina kasur. Panon asa barintit. Kitu deui basa salaki geus datang tarawéh, ieu beuteung teu karasa waé lapar. Padahal najan teu puasa da can kararaban sangu, inggis katohyan ku barudak, ngaragangan nu paruasa.

Nyaan bari nginghak kuring muhasobah, naléngténg diri pridadi, tétéla kuring téh can bisa jadi indung atawa istri sajati. Ari tugas-tugas hébat ti tempat pagawéan bisa diréngsékeun kalawan gampang, naha ari ieu perkara nu saliwat mah gampang, popolah jang kulawarga, bet teu walakaya. Gusti nyaan kakara karasa ayeuna sabot aya sasalad. Sanggeus réncang eureun. Kudu turun ka dapur da baheula mah apal bérés.

Lain sakali dua kali ngalaman kieu salila usum werit. Nyieun kuéh tutung. Ngagoréng lauk tutung. Ngangeun asin. Kalan taya rasaan. Kurang sambara. Tungtungna dipiceun da euweuh nu ngadahar, rék dibikeun ka tatangga éra.

Gusti! Kuring teu bisa keuheul jeung asa teu kudu keuheul ka barudak jeung salaki nu embung dahareun meunang ngasakan kuring, nu saliwat mah asa teu ngahargaan ihtiar kuring, nu ceuk rarasaan mah asa bébéakan usaha mangmopolahkeun. Mun kudu dibéjakeun mah ramo nepika kungsi kakeureut ku péso mangsa ngeureutan sayuran jang angeuneun. Mun kudu dicaritakeun mah ieu curuk kungsi bareuh mangsa ngaréndos sambara katutu ku mutu tah curuk téh. Acan kacèprétan minyak panas. Lah pokona mah asa kasiksa, tapi hasilna keukeuhhhh teu ngeunah. Budak embung dahar. Carangka runtah bagéanna.

Ras ka Mamih, indung kuring, meureun baheula gé kieu wé rudetna mangsa nyanghareupan kuring keur SD nu ogo. Deungeun sangu teu panuju saeutik langsung mogok embung dahar, atuh Papih nu riweuh mupujuhkeun kahayang kuring néangan ka warung sangu. Padahal masakan Mamih mah da pelem. Ku batur mah kaaranggo. Ah éta mah kuringna wé nu ogo. Naha kuring katulah? Ahhh.

Hanjakalna ayeuna. Keur usum kieu. Ti jaman kuliah gé can kungsi pusuk-pasak, cukup disadiakeun ku ibu kos atawa indit ka warung sabudeureun kampus. Geus digawé, boga gajih, kari meuli hayang dahar naon waé gé kabeuli. Geus kawin salaki bélana anggur ngingu réncang. Urusan dapur mah poék. Apal dahareun nu dipesen geus aya wé ngajagrag balik ngantor téh na méja makan. Teu kapikir bakal ngalaman aya usum werit kieu, nepika réncang mulang. Néangan deui hésé nu bisa dipercaya mah.

Kuring narik napas jero. Ngadon ngahérang mikiran kahanjelu ieu. Sakali deui kuring teu bisa keuheul ka barudak atawa salaki. Ieu salah kuring.

“Bu can bobo? Geura emam atuh ulah ngéré karep!” Salaki teu kanyahoan geus aya gigireun.

“Barudak kumaha?” Kuring kalah malik nanya.

“Tos aremam tadi gé. Ayeuna mah tos pareureum,” salaki ngajelaskeun.

“Réncang sangu jang énjing saur kumaha?” kuring nanya hariwang.

“Tenang tos aya, Ayah tadi sakalian mésér jang saur. Kantun ngahaneutkeun,” témbalna bari ngagoléhé gigireun.

“Hapunten Ibu Yah!” cekéng.

“Tos lah tong diémutan. Keun énjing mah masakna dibaturan ku Ayah,” cenah. Kuring unggeuk. Kuniang hudang. Maksud rék dahar. Teu sadar beuteung karasa peurih.

Tepi ka rohang makan, sambel goréng kentang nu maro ku ati jeung peuteuy téh diburulukeun kana kérésék hideung. Ditalikeun luhurna. Keleyeng ka luar. Lung kana pélbak.

Ah isuk mah rék jeung Si Ayah popolahna ngarah teu kajadian kieu. Da pinter kénéh Si Ayah soal popolah mah manan kuring. Moal, moal kapok ah. Rék bajoang terus nepika kuring bisa seuri sugema nempo hasil olahan sorangan dipikalandep ku kulawarga.***

Sumber : majalahsora.com

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Carita Pondok Beo Botak

Carita Pondok Angin Kasumba

Carita Pondok Jurig Imitasi