Carita Pondok Asa Teu Pira
Carita Pondok Asa Teu Pira Ku Mimif Miftahul Huda Sumber : Basa Sunda dot com Asa teu pira. Harita téh kuring ngan saukur méré baju ka si Siti. Na mani teungteuingeun, jadi kieu kaayaanana. Haté jadi teu puguh rarasaan. Ceuli teu puguh dédéngéan.Ieu deuih panon ujug- ujug teu puguh titingalian. Asa ku anéh. Enya, teu pira ceuk kuring gé. Pira méré baju. Asa Teu Pira Pédah meureun si Siti téh randa ngora anu ditinggalkeun maot ku salakina. Tapi da kuring teu boga niat nanaon, iwal ti ngarasa karunya. Taya deui lian ti karunya. Pédah wé manéhna di dieu téh teu boga sasaha deui. Kulawarga geus teu boga. Gawé teu tangtu. Dahar kadang aya, kadang euweuh. Baju nu dipaké ogé sigana téh éta deui-éta deui. Éta mimitina mah anu ngabalukarkeun kuring kapikir méré baju téh. Nyedek pisan ka lebaran, piraku bajuna sararoéh. Kapan ceuk agama gé lamun aya tatangga anu sangsara, urang wajib méré. Nya kuring téh meuli baju wé sasetél. Tuluy dibikeun ka manéhna. Euweuh. Euweuh kajadian nanaon deui ha...