Postingan

Menampilkan postingan dengan label dongeng sora indung

Carita Pondok Dongeng Sora Indung

Carita Pondok Dongéng Sora Indung  Ku Chyé Rétty Isnéndés Sumber : Manglé, No. 1782 Utun, nyebut Utun baé nya, Ambu téh. Enya utun inji. Bongan Ambu can nyaho naha hidep téh awéwé atawa lalaki. Cenah sesebutan Utun-Inji téh pikeun hidep, pibakaleun lalaki atawa awéwé. Sanajan kitu, Sunan Ambu mah tetep nyebut Utun ka putrana; Guru Minda nu geus jadi bujang, tur nyebut inji ka Pohaci Purbasari putri parawan Pasirbatang. Meusmeus Utun, meusmeus Inji, deudeuh naker sigana téh. Kitu nu kabaca ku Ambu tina carita pantun ‘Loetoeng Kasaroeng’ kénging nyarungsum CM Pleyte. Lamun kitu mah meureun sesebutan keur hidep –Utun Inji—téh geus aya ti béh mula, meureun ti jaman Pajajaran kénéh. Saha nu nyaho. Aéh, Utun, meureun ayeuna mah hidep téh geus bisa ngarasakeun naon nu karasa ku Ambu. Geuning buktina, hidep sok embut-embutan ayeuna mah. Usik ka ditu malik ka dieu. Sérését ka katuhu, sérédét ka kénca. Sakapeung deui nyerendul ka luhur, najan mimindengna mah enyut-enyutan dina parindika...