Carita Pondok Karbit
Carita Pondok Karbit Ku Budi Riyanto Karung Sumber : Basa Sunda dot com ”Oh di dieu A Endul téh, ari Encid kalahkah milarian ka rohangan pasén anak-anak nembé téh. Kumaha damang, A?” ”Ih sidik gering Aa téh, Cid matak ngajoprak di rumah sakit ogé.” ”Bongan Aa bet kersa dicandak ka dieu ….” ”Éééh pan dibawa ka dieu téh ngarah diubaran, ning yeuh diimpus sangkan Aa téréh cageur! Na ulah A Endul cageur?” ”Sanés ngawagel damang nanging kedahna Aa téh dicandak ka rumah tida sakit.” ”Ah sok ngalilieur waé manéh mah sakieu keur lalanjung téh, siga paranas, sungut parait, awak nyareri sabukubuku.” ”Dicatet-catetkeun dina buku, A nu nyarerina?” ”Nyareri sabuku-buku téh sakujur awak nyareri, Kencid lain dicatet dina buku!” ”Oh …, kitu, hapunten atuh, A.” ”Teu nanaon, Cid, sakieu ogé sukur manéh daék ngalongok Aa. Du’akeun wé A’ana sangkan téréh jagjag cara sasari deui.” ”Da Encid mah sanés ngalayad Aa.” ”Pan éta muncengis ka dieu?!” ”Wiréh gaduh péér matematika Encid téh, A bangga kantun sa...