Carita Pondok Buhim

Carita Pondok
Buhim

Ku N Astrini Nursyamsiah

Sumber : Mangle No. 2208 / ahyadarmawan.wordpress.com

Teu nyangka horéng kitu aslina, jalma nu katingalina bageur, soléh, tur taat kana agama, sing horéng kitu buktina. Simpati nu aya dina diri, leungit jadi ceuceub. Saha nu nyangka manéhna kawas buhaya? Sabab katutupan ku tingkah jeung paripolahna. Ihhhhh “fans-fans” nu aya pasti bakal ngarasa kuciwa, lamun apal kumaha carita “Sang Idola”. Peuting harita, kacaritakeun di CCL aya acara. Kuring ngagugu paréntah atasan pikeun datang kana éta pintonan, nepika nyieuhkeun kahoréam, maksakeun indit.

Bareng jol datang, kasampak geus aya nu tandang. Tempat nu sakitu legana geus pinuh ku jalma, pédah malem minggu meureunnya? Kuring nu elat datang, seselempét néangan tempat diuk panghareupna, atuh pintonan téh jelas katingalina.

Kakara dua jam kuring di dinya, tapi haté ngarasa teu tingtrim, meureun ku sabab tara biasa kawas kalong iinditan tipeuting. Ti dinya kuring ngajak balik ka babaturan, dianteurkeun ogé ku Firdy nu sok héman. Sanggeus nepi ka kostan, kuring langsung sibeungeut. Dug wé saré.

Wanci carancang tihang, bray beunta kuniang kuring hudang. Saréngséna solat, rét kuring kana HP, horéng aya sms.

“Nda, dah bobo ya? Ya udah met bobo ya, moga malaikat menjagamu. Firdy sayang Nda.”

“Sorry, malem téh Nda nya dah tibra so ru bales dech! Thanks ya… Nda ogé sayang Firdy,” kuring males sms bari seuri, sabab tara-tara ti sasari.

Teu lila ti dinya, aya deui sms ti manéhna.

“Nda jg sayang Firdy? As what?”

“Ya Nda ogé sayang Firdy kok. Seperti…apa ya? Nya…kitu waé,” ceuk kuring, sabab bingung naon maksudna.

Pasosoré basa kuring keur sasaréan, kadéngé sora panto di ketrok.

“Kéla antosan sakedap!” ceuk kuring.

Krék, panto dibuka. Sugan téh saha, singhoréng Firdy.

Ti barang datang, aya kana satengah jamna manéhna teu ngomong-ngomong. Ari ditakol waé meureun pak-belentrang. Lila-lila balas ku kuring ditakolan waé, tungtungna manéhna ngabamblam. Cenah manéhna ngarasa trésna ka kuring ti baheula. Ih mani teu lucu. Ah, kumaha waé carana sangkan kuring ngajawab harita kénéh, sakumaha paméntana.

“Hé.. hé..” kuring mésem tuluy ngajawab.

“Nya sih, Nda ogé trésna ka Firdy. Tapi éta mah jadul, ayeuna mah nuju hoyong niis heula alim ngémutan masalah cinta.”

“Émang ayeuna Nda kasaha? Meni dugi ka nolak abdi?” Tanya manéhna bari ku pd.

“Teu kasasaha sih, tapi nya nuju males wé.”

“Oh.. nya entos atuh ari kitu mah, abdi mah asal tos ngungkapkeun eusi haté abdi wé, tos kitu mah tenang. Punten atos ngaganggu, sareng teu sopan tos resep ka Nda, tapi abdi harap Nda ka payunna tong jadi béda.”

“Nya teu kunanaon, sami-saminya tong gara-gara kajadian ieu Firdy jadi béda ka Nda.” Geus kitu, manéhna jung nangtung, léos waé indit.

Hmmm…kuring mikir. Isuk tong aya nu béda. Tapi kalah kumaha waé ogé sigana angger pasti kagok. Sabab, manéhna nu baheula tempat nyarita, ayeuna ngungkapkeun eusi haténa. Teuing rék kumaha?

Isukna, Firdy datang deui. Kuring mah teu mikirkeun nu kamari. Kadatangan manéhna ku kuring dianggap babaturan nyarita cara baheula. Tapi, manéhna terus waé nyabit-nyabit masalah nu kamari.

Méh unggal poé manéhna datang.

Ih meni ngéhé! Teu kapok-kapokkeun éta jalma, geus dicuékkeun, geus teu dibales SMSna, tapi hayoh waé. Nepikeun ka ngirim-ngirim salam ngaliwatan babaturan. Mani beuki cua waé kuring téh, balas rudet ngabandunganana.

Hiji waktu kuring datang ka HIMA. Didinya ka-sampak manéhna, ogé babaturan séjén, kaasup “alumni” haté kuring. Pas keur caricing.

“Kunaon Firdy? Gering?” ceuk kang Gilang nu kakara datang.

“Muhun kang, abdi nuju nyeri haté ku Nda. Abdi ngungudag kalah dicuékkeun,” manéhna ngajawab bari sasaréan.

“Ihhh…naon sih?! Pan seueur nu resepeun meureun ka didinya.” Ceuk kuring rada sinis bari éra.

“Enya, menya buhim-buhim teu boga kabogoh?” ceuk Opik nu keur ngetik.

“Tuh komo atuh ari buhim mah, pasti seueur nu resepeun.” Kuring nambahan.

Harita, ngan ukur saceplos-ceplosna kuring nyarita. Nyebut buhim téh ngan ukur sabuhim-buhimna, sabab can nyaho harti nu sabenerna. Da sakanyaho kuring mah, anu sok disebut “buhim” téh ngan ukur Si Opik, Si Koko, jeung Si Yudi. Ah, lempeng wé rék kumaha ogé.

Sababaraha poé ti harita, Si Monik nyarita.

“Nda.. Nda terang teu? Gosip anyar di Hima?”

“Henteu….aya naon kitu, Nik?” kuring molohok panasaran.

“Aya nu némbak, tapi jalmana teu disangka-sangka. Ih wanian Si Éta,” ceuk Si Monik. Kuring panasaran.

“Naon sih? Saha?” kuring rada miharep.

“Tong dibéja-béja kabatur nya! Masing ka sobat-sobat Nda ogé.”

“Enya… Siiiiip! Saha kitu?”

“Firdy…”

“Firdy? Nembak saha?” kuring rada ngajenghok, tur hariwang bisi barudak geus nyarahoeuneun kajadianan kuring jeung si Firdy saméméhna.

“Ah, pokona mah teu nyangka.”

“Enyaaaa…némbak saha?” kuring beuki panasaran.

“Si Firdy…némbak Si Fidella. Teu nyangka pan?” manéhna nanya.

“Alhamdulillah… … “ kuring ngucap syukur. Némbak téh maksudna lain némbak ku bedil, tapi némbak ku haté alias ngungkapkeun eusi haté.

Monik reuwas ningali kuring.

“Naha Nda…maké nyebut alhamdulillah?”

“Henteu…..nya, kita sebagai teman ikut bahagia donk dengan apa yang terjadi sama mereka.” ceuk kuring bari mésem.

“Tapi…nyebut alhamdulillahna asa béda ieu mah. Siga ungkapan tina lubuk haté nu pangjerona.”

“Ah henteu..” ceuk kuring biasa-biasa.

“Tapi béda ah, siga aya nu disumputkeun. Ngobrol atuh, aya naon?”

Kuring bingung hayang nyarita. “Nya alhamdulillah. Jadi ayeuna mah moal aya nu ngaganggu Nda deui, moal aya nu unggal soré datang ka kosan deui, moal aya nu timburuan deui.”

“Ari kitu kumaha? Teu ngarti ah!” Manéhna bingungeun.

“Ih bolot! Hayang terang waé énté mah.”

“Nya atuh, sok nyarita!”

“Yeuh, hayang terang mah. Sababaraha poé ka tukang téh Si Firdy ngungkapkeun eusi haténa ogé ka kuring. Ka kosan méh unggal poé, ngaSMS téa, ngirim salam téa. Mani mantak cua. Leuheung mun ukur kitu, ieu mah lamun kuring deukeut jeung lalaki séjén téh sok rada baeud. Emang naon hakna? Kabogoh lain, salaki komo deui. Tah kitu caritana! Ngarti ayeuna mah?” kuring nanya ka Si Monik.

“Ih, naha?! teu nyangka, Si Éta kok, kitunya?! Dasar BUHIM”
“Tah…tah…ari Buhim téh naon sih? Nda mah ukur sok pipilueun nyebutna we, da hartina mah teu apal. Naon sih?” kuring nanya bari seuri.
“Ih….ari Neneng. Sugan téh geus apal. Buhim téh singgetan tina Buhaya Himpunan!” ceuk Si Monik bari saterusna ngahuleng. Kuring ogé sarua uleng mikiran Firdy.

Lain ku nanaon, teu nyangka.

Firdy nu bageur katingalina, horéng sarua Buhim.

Teuing nu kumaha wujud nu sabenerna nu bageur téh? Teuing nu kumaha wujud nu sabenerna soleh téh? Jeung teuing iraha kuring manggihan lalaki nu kasép, bageur, soléh, tur satia?

Hmmmph! Meureun can waktuna. ***

(Mangle No. 2208)

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Carita Pondok Beo Botak

Carita Pondok Angin Kasumba

Carita Pondok Jurig Imitasi