Carita Pondok Teng Manuk Teng Anak Merak Kukuncungan
Carita Pondok Teng Manuk Teng Anak Merak Kukuncungan Ku Nurzaman Nuh Sumber : kampoengsantri.wordpress.com Dicaritakeun di hiji pakampungan aya hiji jelema tukang ngurus kebon, ngaranna Mubarok. Geus lila manehna teh gawe di eta pakebonan. Dina hiji mangsa datang anu ngabogaan kebonna tea, anu ngabogaan kebon teh nyaeta sodagar anu kacida beungharna ceuk paribasa tea mah bru dijuru bro dipanto ngalayah ditengahn imah di gigir si jabrig di kolong si jamrong di para si japra. Gek we tah dunungan anu boga kebon tea teh diuk di saung,tuluy manehna nyarita: “Mubarok kula teh asa hayang dalima anu amis, Cing pang ngalakeun!”. Ngadenge kitu, geuwat atuh Mubarok teh nimbalan bari ngajingjrit indit “Sumuhun juragan”. Teu lila ti eta Mubarok geus datang deui ka dununganna bari mawa dalima “Sumangga dicobian juragan” Kitu pokna Mubarok kanu jadi dununganna. Ari pas diasaan buah dalima teh karasa kesed tur haseum atuh dununganna teh nyarita:”Ah ieu mah haseum tur kesed, pentil keneh dalima teh...