Kumpulan Carita Sunda Lucu Katilu
DISITA Di kantor pulisi, pulisi keur ngaintrogasi Usro anu katewak geus ngalakukaeun perkosaan. Pulisi : “ Usro, rumasa maneh geus ngalakukeun perkosaan ka Nyi Unah?” Usro : “Rumaos, Pa”. Pulisi : “Ku sabab maneh geus ngaku ngalakukeun perkosaan, kapaksa ayena alat anu dipake merkosa Nyi Unah ku bapa rek disita sabage barang bukti !” Na da etamah di Usro les ngudupruk bari aduglajer. PEUYEUM Oji :“ Mang, sabaraha sakintalna peuyeum teh ?“ Tk Peuyeum : “Upami seueurmah wios lah dimirahkeun. Bade sabarah kintal kitu peryogina ?” Oji : “ Ah meser wae sagelempeng mah, kangge nu nyiram”. Tk Peuyeum :“ Kop we nyokot kadinya………..sakalian tambahan hiji keur mopok beungeut maneh !” JAJAMU Dokter :” Sudah berapa hari Bapak tidak bisa kencing?” Asnawi :” Tilu dinten, dok”. Dokter :” Makanan apa yang bapak makan sebelumnya?” Asnawi :“ Anu dok.........Eu......jamu sari rapet“. Dokter :“ Pantesan, rapet teuing meren!“ NEANGAN MUATAN Kuring : “ Nanaonan ieu the, Nek. Ongkoh beus Bandung-Jakarta. Naha...