Carita Pondok Isukan Lebaran

Carita Pondok Isukan Lebaran

Sumber: weninggalih.blogsome.com

Dulag nitir di masigit, ditakolan ku barudak ti asar mula Kiwari wanci sareupna, barudak beuki marotah, suka bungah galumbira nakol bedug ngawirahma parat nembus peuting.

Allohu Akbar, Allohu Akbar Allohhuakbar, Laaillahailelelohhualloh hu Akbar allohuakbar walilahilham. Isukan lebaran.

Isukan lebaran? Arni nanya ka dirina, ret ka gigir anakna ngageubra. “Deudeuh Kani” gerentes hate Arni.Lalaunan sirah budak diusapan deudeuh naker, budak ngulisik, nyah beunta, “Geus uih acan bapa teh Ma?” Ditanya kitu ku budak teh Arni kalah olohok. Teu karasa aya nu haneut mapay pipina Ih kalah ka ceurik, pan geus jangji dina hate moal ceurik hareupeun budak. Buru-buru Arni nyusut cipanon, tuluy imut bari ngusapan sirah budak. ” Teu acan kasep, sok bobo deui we, urang pepende ku ema nya?” Budak unggeuk, bangun atoh. Haleuang Arni nembang , dipirig kacapi asih, ngawih na jemplingna peuting, mepende jimat awaking.

Anaking jungjunan kalbu Didoakeun siang wengi Hidep teh sing panjang yuswa jeung masing luhur darajat Masing jadi jalma soleh Cageur bageur bener pinter Mun hidep jaga geus jangkung geuwat gera nyiar elmu Keur obor engke di ahir Tungtut elmu masing luhung Ku indung dijurung-jurung Budak lir kasirep ku sora indung, sare tibra bangun ayem. Ari Arni cunggelik nyorangan, dibaturan ku kabingung , inggis nyanghareupan beurang, inggis alah batan maut hinis.

Kumaha nya pijawabeun mun Kani nanyakeun deui bapana. Ray, beungeut Farhan salakina nembongan, ngalangkang dina ingetan, teungteuingeun Kang Far, indit teh meni amplengamplengan, na teu inget kitu ka budak? Geus opat taun Farhan salakina aya di nagara deungeun,indit jadi TKI waktu Kani umur 2 taun, ayeuna budak geus 6 taun, hayang nyaho rupa bapa tapi nu jadi salaki lir diteu reuy jurig teu beja teu carita, boro ampar ngirim duit. Arni sasat dicangcang teu diawur teh lain bobohongan. Eta oge lain teu hayang niat beberes ka lebe, ngan watir ku budak. Jeung teuhade we deuih awewe teu kuat nahan gogoda. Matak nyabar-nyabar maneh . Arni satia ngadagoan salakina. Da ceuk pikiranana, manehna ngarasa yakin Farhan teh aya keneh.

Ah, teu pira sabenerna mah anu ngajadikeun Arni ngahurun balung siga kieu teh. heueuh ceuk batur ketang teu pira teh da keur Arni mah beurat kacida. Tadi pabeubeurang basa Arni balik ti pagawean, Kani nyampeurkeun. Bangun lungse budak teh da keur diajar puasa. ” Ma, ari bapa nyaah teu ka ujang?” eta budak ujug-ujug pok we ngomong kitu ” Ih nya enya atuh bageur” ceuk Arni tiba engab ” Naha gening teu aya wae neang ujang? ” ” Apan keur barang siar keur sakola ujang engke ” ” Ah, taun mangkukna teu aya, taun kamari ge henteu kadieu, sabenerna ujang teh boga bapa teu Ma?” ” Nya enya atuh bageur, piraku euweuh bapa mah aya ujang anu sakieu kasepna” ” Ma ,ujang hayang jiga batur, dipangku ku bapa, jalan-jalan jeung bapa ah…mun enya ge bapa ujang aya, meureun ujang teh diogo, dipangmeulikeun momobilan jiga Cep Gani, tuluy disunatan nya Ma?” Arni ngagebeg ngadenge omongan budak, euleuh gening budak teh geus hayang disunatan. ” Hayang disunatan ujang teh? Nya keun ke ku ema diobrolkeun ka aki” ” Embung, ujang mah embung disunatan ku aki, hayang ku bapa da Jang Dudi, Jang Olih, jeung Cep Gani oge disunatanana teh dianteur ku bapana, lain ku akina. Balikna meuli momobilan!” Hing budak teh ceurik.

” Heug atuh, hayang dianteur ku bapa oge, ke ari bapa ujang uih nya?” ” Lebaran pasti aya nya Ma? Isukan pan lebaran teh nya Ma?” ” Enya bageur, ke mun aya bapa, acuk saena anggo nya? ” Budak unggeuk bangun atoh kacida tereleng lumpat muru babaturanana. Bada asar, torojol deui budak teh nyampeurkeun. Harita Arni keur kaprak-keprek di dapur. Enya kangaranan rek lebaran, kudu we ngueh-ngueh bae mah, era bisi aya nu nganjang, piraku teu disuguhan. Eta ge sasat maksakeun da teu sabaraha atuh gajih buruh pabrik mah. Bane we hayang nyugemakeun nu jadi anak. Da bongan diculkeun ku bapana.

” Ma, mana gening bapa teh can kadieu wae?” Kani hariweusweus deui nanyakeun. ” Ke jigana mah, bada magrib” Arni padu engab. Magrib kaliwat, parat tepi ka isa, nu didagoan weleh teu embol-embol. Barina ge ketah, na ceuk saha Farhan rek datang? Eta mah ukur kahayang Arni we keur ngabeberah budak. Boa ingeteun boa henteu Farhan mah. Ah boa geus boga pamajikan deui meureun. Arni ngagebeg, reuwas ku bayanganana sorangan, mun enya teh…teungteuingeun Kang Farhan…….. ( To be continued ) Copy right by reni. ( Plagiator dilarang icikibung! ) Beuki peuting, sora dulag beuki ngageder, kani beuki ngageubra sarena, teu kaganggu ku sora dulagNgan Arni nu cunggelik sorangan teh, panon hese dipeureumkeunana. Pikiran ngacacang ka waktu opat taun ka tukang, mangsa hirup babarengan ngambah sagara rumah tangga jeung farhan. Atuh amprokna Arni ka Farhan estu karep maranehna sorangan, euweuh nu ngareremokeun. Ngan nya kitu atuh sagala oge teu bisa jadi jaminan ayem tengtremna rumah tangga maranehna.

Sataun oleng panganten, nincak taun kadua, brol ngajuru ku Kani, teu ku hanteu atuh abongkena kahirupan lir ibarat jalan anu teu salawasna mulus. Der dodoja datang, Farhan kagoda ku Suti anak mang Juhaya. Suti kembang desa Haur Geulis nu kakoncara kurang hade laku lampahna.Ari Farhan bet toloheor, kabengbat ku Suti nu kawentar tukang ngaheroan salaki batur. Nya eta atuh abong jalama Farhan oge teu kuat nahan gogoda, hayoh nyieun masalah, nyaho pamajikan anyar ngajuru teh kalah hayoh hahadean jeung Si Suti. Ari Si Suti mah da geus lain caturkeuneun.

Peurihna hate Arni harita geus lain caturkeuneun, asa dihianatan teh lain bobohongan, matak teu aneh, piring, gelas,sendok ting kalayang kana tarang salakina da mun teu buru-buru istigfar mah, boa budak ge dicekek. Arni ceurik aprek-aprekan bari menta diserahkeun bakat ku teu suka salakina salingkuh, untung harita aya Wa Haji Danu, nya ku alpukahna Wa Haji, Arni bisa kapeper ambekna, teu jadi menta diserahkeunana. Ngan nya kitu ibarat gelas geus rengat, sanajan dikumaha wae oge angger we tapak rengatna natrat. Komo ninggang di Arni nu gurat batu mah, masalah eta teh hese pisan leungitna. Hese pisan bisa mopohokeun kalakuan salakina. Kajadian eta sok mindeng jadi bahan papaseaan. Farhan ge teu bisa kukumaha ngabandungan adat pamajikanana, rumasa manehna salah.

Kaparengkeun atuh Farhan teh keur nete semplek nincak semplak,dikaluarkeun ti pagawean, da eta cenah nu boga pabrik beakeun modal, antukna pausahaan kudu ditutup. Farhan ngaligeuh,kakeuheul Arni beuki kanceuh.

” Matak ge Kang, ari jadi lalaki ulah sok toloheor, matak mawa apes kana diri” ceuk Arni harita.

“Geus atuh ulah nyabit-nyabit carita anu geus lawas” Farhan nyureng asa teu ngeunah dikingkilikan wae ku pamajikan, eukeur mah eukeur manehna teh bingung ka mana kudu nyiar pagawean deui, der deuih nu jadi pamajikan negterewelang bae.

Lain nyabit-nyabit, abdi yakin urang ripuh kieu teh alatan kalakuan akang!” Arni keukeuh teu bisa balem.

” Arnisah! Cik atuh nurut ka salaki teh, ceuk aing cicing! cicing! Ulah nengterewelang wae lieur!” Farhan geus teu bisa nahan amarahna.” Lieur dijeun ku sorangan, ari geus kieu anak urang rek diparaban naon?: ” Bere we huut” omong Farhan asal engab.

” Naon? Anak urang rek diparaban huut? Memangna anak urang teh hayam? Nurustunjung boga salaki teh, piraku anak pamajikan rek diparaban huut!” Arni beuki keuheul.

” Alusnya, ari harita mah ka si Suti sagala dibikeun, ka kongkorong, kongkorong digadekeun keur mahugi, ari ayeuna anak pamajikan rek diparaban huut! Teu sudi aing mah teu sudi!” Arni gegejret.

” Arnisah! Cik atuh carita sataun ka tukang mah ulah disabit-sabit wae! Na saha nu rek maraban ku huut? Nyaho akang teh keur lieur mikiran pagawean!” Farhan maksakeun rada leuleuy da ningali Arni geus siga maung rek neureuy kitu mah matak soak. Farhan ngahaja ngaakangkeun deui, sugan we Arni paler ambekna.

Ari Arni, teu nembalan ngan hing we ceurik bangun kanyenyerian. Kani anu harita keur anteng ulin, kagareuwahkeun ku sora ceurik indungna. Hing we budak oge milu ceurik. Ku Farhanburu-buru dipangku dibangbrangkeun, kukurilingan tumpak sapedah butut paranti manehna indit gawe, da ngan eta-etana kabogana teh. Kungsi ketang ngalaman boga motor, ngan nya kitu, kulantaran kabengbat ku Nyi Suti awewe pangeretan tea, manehna jadi burindil, matak pantes Arni rek ambek oge.

Ray poe, ray poe teh kahirupan karasana beuki seuseut, beuki peuheur keur Farhan mah. Kani anu ayeuna geus umur 2 taun, keur meujeuhne nalaktak jeung loba tatanya. Beuki loba pangabutuh keur tumuwuhna. Butuh gizi anu alus keur kamekaran otakna, kitu anu kabaca ku Arni jeung Farhan dina buku keur jaman maranehna sakola.

Enya da dihenteu-henteu oge Farhan jeung Arni teh kungsi ngalaman sakola sanajan ukur tepi ka smp, teu laluhur jiga batur tapi sasieureun sabeunyeureun mah, elmu ti guruna teh aya nu nerap, komo keur Arni mah da kaasup murid anu nyongcolang. Teu diteruskeun soteh bane wae teu kaduga ku modalna da gening sakola jaman kiwari mah teu bisa dibayar ku sampeu, tapi ku duit anu teu saeutik jumlahna. Matak pamohalan keur kolot Arni mah bisa nyakolakeun budak, sakitu oge Arni kaasup untung make disakolakeun tepi ka SMP sagala.

Nya bakat ku teu kuat kudu dahar sore henteu isuk, antukna dina hiji peuting Farhan waleh ka Arni rek indit jadi TKI. Sugan jeung sugan bisa ngarobah kahirupan.

” Kang , ari abdi kumaha atuh?” omong Arni harita.

” Nya, wayahna keur saheulaanan mah jauh ti akang, kade we mihape budak” omong salakina semu beurat kacida. Arni teu ngajawab, pipina juuh ku cimata. Da mun teu era kukalalakian mah Farhan ge hayang milu ceurik tapi sakuat tanaga ditahan, inggis beuki nganyerikeun hate Arni.

Peuting eta peuting nu endah keur maranehna, peuting pamungkas keur sosonoan oleng panganten, sabab isukna Farhan rek indit. Kaasih, kapeurih, kasedih cacap jadi hiji dina peuting eta. Peting panungtung keur maranehna duaan.

Rebun-rebun Farhan indit, sanggeus wareg ngagalentoran budak nu keur tibra sare. Ari Arni nu keur nyadiakeun cai kopi diteuteup kalayan geugeut. Buukna anu galing muntang katingali kulimia keneh urut sosonoan tadi peuting, asa nambahan kageulisanana. Enya geulis Arni teh ceuk sasaha oge. Rancunit jeung ngembang cengek. Hanjakal teu kasipuh ku dunya barana. Boro kabedag dibajuan jiga batur teu kabeuli wedak-wedak acan.

Rumasa Farhan oge jadi salaki teh teu bisa nyenangkeun, kalah kungsi nganyenyeri,kuhayang nebus sagala dosana ku nyenangkeun hate Arni, matak rek indit jadi TKI oge. Farhan indit dijajap ku gupay asih, memeh indit embun-embunan Arni diseuseup geugeut naker, geus kitu mah leos we teu ngalieuk deui ka tukang, nepi ka ngaleungitna diteureuy pepedut subuh.

Allohuakbar Alloh Huakbarallohu akbar Lailahailallaaohualo huakbar Allohuakbar walillahilham. Sora takbir terus ngalanglaung, meulah simpena peuting. sorana ngageterkeun hate Arni. Hirup bagja teh keur Arni mah ukur impian, da gening nepi ka kiwari Farhan teh teu beja teu carita.

Di jero kareta Saemasul, hiji lalaki diuk sisi jandela. Panonna anteng neuteup ka luar. Kyong Bu geus kaliwat, teu lila reg kareta teh eureun di Chung Yang, jrut si lalaki turun, teu sirikna gura-giru lumpat ka luar peron muru taksi.

Supir taksi bangun surti, biur ngalumpatkeun mobilna ka kulonkeun muru bandara internasional Seaul. Sapaparat jalan hate si lalaki marojengja, teu genah cicing hayang gera tepi ka bandara.hayang gera biur ngapung ka jomantara. Duh ieu hate meni asa hayang gera gok panggih, kunaon atuh beungeut anak pamajikanana teh kokolebatan wae? Pileuleuyan walungan Han, pileuleuyan kembang samon nu mayakpak laligar di Gyeongju, pileleuyan. Ti mimiti poe ieu kuring amit arek mulang enya bisi, bisi kuring tuluy mulang, mulang ka lembur karang pamidangan. Nya poe ieu urang pileuleuyan. Kitu ceuk dina jero hatena.

Si lalaki noroweco terus dina hatena, bari panon mah anteng meuteup jalan nu asa kacida panjangna. Padahal biasana mah teu kitu asa sabiasa we da unggal waktu oge kaliwatan. Na ari poe ieu bet beda tisasari. Enya sabenerna mah geus dua minggu manehna guling gasahan, teu genah sare teu genah cicing. Ingetan kumalayang ka nu di lembur. Breh beungeut pamajikanana jeung anakna piligenti nembongan. Jiga kumaha nya anakna ayeuna enya munaya keneh dikieuna. Seredet hatena asa aya nu nurihan, peurih lir diturihan ku hinis, 4 taun lain waktu sakeudeung keur ngarobah sagalana, kaasup hirup manehna.

Opat taun manehna apruk-aprukan di lembur batur, estu loba pisan carita hirup nu kaalaman ku manehna. Asa ngalangkang dina ingetan, munggaran manehna indit ti lembur, niat jadi TKI. Aras-urus surat kolu ka kudu ngajual sapedah butut jeung tanah sacangkewok titinggal kolotna, eta ge teu bebeja ka pamajikanana mah, angkanan teh keun we geus hasil ge sabatae kagantian deui.

Tilu bulan aras-urus susuratanana oge, kitu we rerencepan. Matak kacipta keneh ngajenghokna pamajikanana waktu manehna waleh rek indit jadi TKI. Pamajikanana teu bisa kukumaha iwal ti pasrah da sanajan hatena teu mikeun ge, geus lain bolaykeuneun ari tinggal jung mah.

Si lalaki teh ngaranna Farhan. Manehna ngarenghap panjang dadana karasa eungap waktu manehna inget kumaha pait peuheurna hirup di nagara deungeun.Harita ge mun teu teu dipangaruhan ku Kandi mah sobat ulinna ti leuleutik anu mukim di Arab, sigana boro-boro hayang ka luar ti lembur. Enya harita teh Kandi balik heula ka lembur tuluy amprok jeung Farhan, nya waleh we Farhan teh ka kandi perkara bangbaluh hirupna. Ku Kandi dibere saran, milu we cenah jeung manehna ari hayang ngarobah kahirupan mah, malah urusan susuratan ge Kandi nu manguruskeun.

Mimiti pisan mah Farhan digawe di Arab saudi jadi tukang kebon di Juragan Al Fayed di Dubai. jalma beunghar pamajikanana ge opat. Ngan edas galakna moal aya. Meunang sataun dikontrakna teh tapi can ge sataun Farhan kamusibatan dituding ngajinahan pamajikan AlFayed anu kaopat. Teuing kumaha mimitina manehna bet dituduh kitu. Onggengonggengan susumpahan oge ku si arab teh teu dipercaya, antukna Farhan dijagragkeun ka pangadilan. Mun teu bisa mere bukti dina jero tilu bulan, Farhan bakal ditibanan hukum rajam tepi ka maot. Bari ngadagoan bukti, Farhan kudu cicing di jero bui.

Farhan ceurik di jero bui, dunya asa poek mongkleng teu kacipta ti anggalna make kudu ngajaran dibui sagala. Gening kitu hukum di Arab mah, beda pisan jeung hukum di Indonesia. rek menta tulung menta tulung ka saha da teu boga baraya.Kungsi eta oge Kandi neang, jangji rek nulungan kucara ngumaha ka kedutaan Indonesia.

Aya eta oge nu datang ti keduataan teh, cenah mah rek dibereskeun secara diplomatik jeung pamarentah Arab Saudi tapi bet pleng les teu embol-embol deui. Tungtungna Farhan ukur nunggu nasib nu rek tumiba ka dirina. Enya asa euweuh hargaan jadi bangsa Indonesia di nagara deungeun. teu jiga basa aya urang Inggris maehan urang Arab da meni tumplek atuh para pejabat kedutaan Ingris tarurun, tuluy menta ka pamarentah Arab Saudi supaya warganadi ekstradisi wae kanagarana. Jadi masalahna bisa disidangkeun make hukum di nagarana.

Eh…da teu kungsi lila si urang Inggris teh dibebaskeun.

Ari Farhan, panon celong, awak kuru balas disiksa unggal poe nepi ka dina hiji poe mah manehna geus teu kuat nandanganana. Farhan ceurik tengah peuting, hate muntang ka nu kawasa. Pek teh teuing nyawa teu ngaboga-boga, mun enya takdir manehna kudu maot alatan difitnah batur, nya teu bisa majar kumaha meureun geus kitu kuduna takdir diri bagja awak.

Ngan hiji nu dipenta ka nu Kawasa teh mihape anak jeung pamajikan di lembur anu geus ampir dua taun ditinggalkeun, teu beja teu carita. Geus kitu mah Farhan longsong nyanghareupan poe isuk.

Kersaning Gusti, tilu poe ti harita, torojol Kandi mawa beja pikabungaheun. farhan bakal bebas cenah sabab bukti geus aya. horeng anu ngajinahan pamajikan Al Fayed teh supirna sorangan jeung lain ngajinahan deuih da sarua purunna. Ayeuna si supir teh geus kacerek ku Kandi sabalad-balad malah make jeung disiksa sagala supaya ngaku. Ah Farhan teu hayang ngadenge dongengna, nu penting mah manehna hayang gera bebas.

Alhamdulillah dina sidang anu katilu manehna dibebaskeun, Farhan teu sirikna sujud syukur ka Nu Maha Agung. Kaluar ti pangadilan digondeng ku Kandi dibawa ka imah dunungan Kandi anu kabeneran bageur pisan. Matak watir awakbegung jeung barau da di penjara teh arang panggih jeung sabun. mandi ge kitu we dibanjur ku selang ti luar estu jiga ka anjing budug wae.

Barang tepi ka padumukan Kandi, anu pangheulana ditanyakeun teh beja ti lembur tapi Kandi kalah gideug, geus tujuh surat euweuh balesan. Farhan ukur ngaheruk.

” Geus Han, ulah dipikiran, mending oge pulihkeun heula awak, keun saheulaanan mah didieu heula,da dunungan oge ngidinan” omong Kandi waktu ningali Farhan ngahuleng wae.

“Nuhun, Kan, mun euweuh anjeun nasib kuring teuing kumaha. Ngan ieu hate inget wae ka lembur. Deudeuh Arni, Kani sigana maranehna arep-arepeun.” ceuk Farhan ngalimba.

“Sabar Han, da usaha mah kurang kumaha, unggal nu balik ti lembur ditanya, dipihapean surat tapi weleh teu aya beja deui. Atuh urusan kuring nulungan anjeun, omat ulah jadi pikiran, pan urang teh geus asa jeung dulur” omong Kandi bari sor mikeun sagelas susu coklat ka Farhan. Farhan imut bari neuteup ka Kandi ku teuteup pinuh tumarima ka Kandi nu sasatna geus nyalametkeun nyawana.

Tilu bulan Farhan cicing jeung Kandi, kitu we sagawe-gawe. Ayeuna awakna geus lingsig deui. Manehna geus niat mun awakna geus jag-jag rek balik ka lembur moal cicing di Arab.

Enya da rek naon aya di nagara deungeun oge ari ukur rek ngadon sangsara mah. Enya da dua taun aya di nagara deungeun boro-boro meunang gajih nu puguh mah kalahka difitnah batur.Boga ketah gajih 8 bulan ti Si AlFayed teh tapi nya kitu tea beak dipake aras-urus waktu sidang, da bareuki duit geuning urang Arab teh.

Teu kuhanteu atuh, piduaminggueun rek balik jol teh aya beja, pajar Desa Haur Geulis beak beresih ku lini anu kacida rosana tangka imah-imah ge rata jeung taneuh. Loba penduduk nu tiwas kaasup anak pamajikan Farhan. Eta beja datangna ti Ceu Rumi nu digawe di Tuan Fadil, tilu blok ti tempatna Kandi. Ari Ceu Rumi teh boga kolot di Haur Geulis sarta apal pisan ka Arnisah. Atuh puguh Farhan ngajenghok, tuluy ngelepek kapaehan. Inget-inget waktu diceuceuhan tarangna ku Kandi di tengah imah, dunungan Kandi ge milu riweuh.

Ti harita Farhan siga nu jauh panineungan, pagaweanana huleng jentul. Dina hiji poe mah kabeneran aya kolegana dunungan Kandi nu kabeneran keur nganjang. Manehna teh ti Korea, butuh ku tukang elas, ku kabeneran bet amprok jeung Farhan,atuh barang ditawaran teh teu sirikna disantok. Teu kitu kumaha, apan jaman keur di lembur mah kana ngelas teh Farhan mah tukangna.

Farhan geus gilig rek indit ka Korea, milu jeung Tuan Yung Han. Enya balik ge rek naon ari ukur nambah kapeurih hate mah. Kitu deui cicing di Arab,teu bararetah teuing. Manehna sok kukurayeun wae mun inget kana pangalamanana di jero bui. Nya mending miceun maneh we ka Korea. Nya biur we dibawa ku Yung Han ka Korea. Nganjrek di kota Wuwon bawahan Pusan kuloneun Kota Seoul. Hiji daerah industri nu deukeut ka palabuhan.

Nya di dinya manehna ngamimitian hirup. Teu pira ukur jadi tukang elas di pausahaan Yung Han. Boga panghasilan lain lumayan keur ukuran manehna mah da kolu nyewa apartemen sagala.

Beuki lila beuki betah hirup di Korea teh, komo da ayeuna mah geus diangkat jadi mandor.

Gawena hade atuh ku babaturan dipikaresep. Nu mikaresep beuki loba sanggeus nyaho Farhan lalagasan, malah ku pagawe awewe mah teu sirikna pada ngalendean, pada ngareletan.

Aya hiji nu kapicangcam, urang Korea ngaran Kim Yung Chun. Eta kataji soteh pedah Farhan sok maling teuteup ari panggih. Di sidik-sidik teh Kim asa sarimbag jeung Arni.

Camperenik, rancunit jeung ngembang cengek. Bedana teh palebah buuk. Arni mah galing muntang ari Kim mah sailaharna buuk urang Korea we panjang, hideung jeung lempeng.

Eta ku batu turun keusik naek.Kim oge jiga nu neundeun hate ka Farhan. Linggekna, imutna, keletna estu katingali pisan mere hatena. Ah teu di mana teu di mendi awewe mah kitu adatna…. Ayeuna geus ampir sataun Farhan hahadean jeung Kim.” Far, naha urang teh rek kikieuan wae?” ceuk Kim dina hiji poe waktu maranehna balik ti pagawean.

” Kieu kumaha? ‘ ceuk farhan api-api teu ngarti.

” kuring hayang jadi pamajikan anjeun! ‘ omong Kim togmol. Farhan tangka ngagebeg bakat ku reuwas. Teu sangka Kim bet ngomong kitu.

” Kuring embung pisah jeung anjeun, kuring embung kaleungitan anjeun!’ Kim nginghak dina dadana. Farhan ukur ngahuleng bari leungeun anteng ngusapan sirah Kim. Lalaunan Farhan ngomong, ” Kim, kuring oge nyaah ka anjeun, na saha nu rek ninggalkeun anjeun? Ngan perkara kudu kawin jeung anjeun eta can kapikiran sabab kuring boga kulawarga” ceuk farhan bari derekdek manehna nyaritakeun deui jalan hirupna ti mimiti indit ti lembur nepi ka harita, saeutik oge euweuh nu kaliwat ku manehna kabeh dicaritakeun ka Kim.

” Tah kitu Kim, sanajan ceuk beja, anak pamajikan kuring teh geus euweuh tapi ari can bukti mah hate teh teu bisa narima. Ku kituna kuring embung ngawin anjeun dina kaayaan hate anu can bangblas” omong farhan bari neuteup seukeut ka Kim. Diteuteup kitu ku farhan, Kim ukur ngahuleng. Enya manehna oge surti sabab lain sakali dua kali Farhan nyaritakeun pangalaman hirupna. Kim oge ngarti, ngarti pisan yen lalaki anu kacida dipicintana teh geus aya nu boga, sanajan ngan ukur carita.

” Kuring ngarti Far, teu kudu dicaritakeun deui, kuring geus apal saha diri anjeun tapi lain hartina hubungan urang euweuh kajelasan, sanajan kumaha bae oge tetep kuring menta kaputusan!” ” Enya kumaha atuh Kim? Cik kumaha ceuk anjeun? ” omong Farhan semu bingung.

” Kieu we atuh Far, kumaha mun Farhan mulang heula ka Indonesia? ” ” Ka Indonesia rek naon? Rek nurihan hate sorangan?” ” Ih lain, keur ngabuktikeun aya keneh henteuna anak pamajikan , ulah ukur beja ti batur!” ” Mun bener sakumaha ceuk beja?” ” NYa buru-buru Far balik deui ka Korea. Sakalian we aras-urus jadi warga nagara Korea” omong Kim tendes. ” Tapi lamun anak pamajikan Far aya keneh,……” Kim teu kebat nyaritana, ngan segruk wae ceurik tuluy nyuuh kana lahunan Farhan. Ku Farhan diusapan buukna deudeuh naker bari hatena sabil antara nurut kana omongan Kim jeung henteu.

Dipikir dibulak-balik, tungtungna manehna sadar yen omongan Kim aya benerna. Ku kitu ku kieu manehna kudu kuat narima kanyataan. Naha salila ieu manehna bet leutik burih kawas lain lalaki, sieun itu sieun ieu. Kuduna manehna kuat narima sagala nu rek tumiba ka dirina.

Nya kaputusan eta anu ngalantarankeun manehna ayeuna aya di jero kapal Korea Air Lines nu keur ngapung di jomantara. Ngapak mega ngalayang di awang-awang. Geus talatah kaKim, ku kitu ku kieu pasti manehna bakal mere beja ngan poma kudu ngahampura bisi manehna teu bisa balik deui ka Korea. Harita Kim ukur juuh cimata. Dirina beurat kacida ngaleupaskeun beubeulahan hatena.

” Attention…attention, air plane will take of, the passanger are ready to take of. The packages dont leave. thanks you” ceuk sora halimpu tina media player. Ngadadak awak Farhan asa paranas tiris. Teuing kunaon, hete ge bet ting seredet.

Hatena ngageter waktu mungggaran sukuna nincak deui lemah cai anu geus opat taun ditinggalkeun. Ka luar ti bandara manehna rikat neangan taksi. Kalacat naek tuluy diuk bangun tumaninah. Jandela taksi ngahaja ku manehna dibuka. Manehna jiga nu hayang seubeuh nyeuseup hawa lemah caina. Mobil terus maju bangun surti kana hatena nu hayang buru-buru tepi ka lemburna di Haur Geulis.

Wanci geus ngagayuh ka peuting. Hawar-hawar kadenge sora takbir ti masjid nu kaliwatan.

Farhan asa kaingetan yen isukan lebaran. Lebaran? Leuh geus opat taun manehna teu ngalaman lebaran. Nepi ka teu eungeuh isukan lebaran. Paingan atuh meni rame sora takbir.

Luk manehna tungkul tuluy biwirna kunyem milu takbir. Aya nu ngalembereh mapay pipina, asa ribed ku dosa awak teh. hatena ngajerit menta hampura ka nu ngayuga.

” Isukan lebaran? Arnisah, Kani naha anjeun araya keneh? Duh Gusti, mun maranehna araya keneh, pendakeun abdi jeung maranehna. Mun geus teu aya, atuh pangnuduhkeun kuburanana” kitu ceuk hatena nu keur muntang ka Nu Kawasa. Ari mobil angger nyemprung na jemplingna peuting, nyuaykeun kasimpe hate awor jeung kasono, kadeudeuh ngajadi hiji.

meni asa hayang gok panggih.

Sumber: http://weninggalih.blogsome.com/category/carita-pondok/

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Carita Pondok Beo Botak

Carita Pondok Angin Kasumba

Carita Pondok Jurig Imitasi