Postingan

Menampilkan postingan dengan label carpon darpan ariawinangun ada main

Carita Pondok Ada Main

Carita Pondok Ada Main Ku Darpan Ariawinangun  Sumber : Nu Harayang Dihargaan Jeung saenyana lurah hasil nyundutan urang lembur. Poè èta Mang Ursin ninggalkeun heula paculeun. Ki Sarja mèrènan heula anyameun. Kang Sabri nutup heula warung. Mang Sarip ngahaja teu ngurilingkeun dagangan. Mèh kabèh lalaki urang lembur ngabring rèk ngadongdon kantor kacamatan. Mapay-mapay totoang siga keur ngajajapkeun pangantèn, jiga nu rèk seserahan. Pucuk ti girangna mah: listrik! Dèsa Karangsaga kaliwat teu kabagèan listrik. Padahal lembur bèh girang jeung hilireunana mah geus raang. Nu jadi ambek urang lembur, naha atuh ukur kabelna wungkul nu ngaliwat ka luhureun dèsa tèh. “Piraku urang teu ngarasa diteungteuinganan?” ceuk Lurah, “Lain kuring kurang usaha, inget! Tapi camat anyar jiga sentimèn ka dèsa urang!” pokna deui basa rapat LKMD. “Mèmèh nepi ka dèsa hilir gè, kuduna mah kapan ka urang heula. Camat anyar jeung oknum PLN jiga ada main!” Lurah awong-awongan. Jeung enyana, urang Karangsaga kak...