Carita Pondok Suwung Ku Elmu Sepa Ku Pangabisa, Teu Apal Alif Bingkeng Alif Bingkeng Acan

Carita Pondok Suwung Ku Elmu Sepa Ku Pangabisa, Teu Apal Alif Bingkeng Alif Bingkeng Acan

Ku Nurzaman Nuh

Sumber : kampoengsantri.wordpress.com



Kalimah saperti judul anu di luhur mindeng pisan urang ngadengena anu nyirikeun yen jelema anu ngomong teh teu boga elmu tegesna mah bodo. Ngan lamun ku urang dititenan pas kalimah ‘teu apal alip bingkeng alip bingkeng acan’ ceuk budak santri mah eta teh kacida anehna. Coba urang guar eta kaimah ‘teu apal alip bingkeng alip bingkeng acan’ teh.

Saperti di ajar ditempat anu formal sarupaning sakola, di pasantren oge aya tingkatanna, ngan pedah ari pasantren salafi(heubeul/kuno/henteu modern) mah tingkatanna lain ku kelas 1, 2, 3 jeung saterusna tapi tingkatanna teh ditangtukeun ku kitab anu diajina. Contona dina widang fiqih; lamun budak santri ngajina masih ngeukeuweuk kitab safinah berarti masih tingkatan dasar, lamun ngajina geus kana takrib atawa fathul mu’in berarti tingkatan tengah, lamun geus kana I’anah, fathul jawad, al-umm jeung sajabana berarti tingkatan luhur. 

Ayeuna dina widang tajwid, lamun anu dasar mah masih keneh ulukutek dina hukum-hukum tajwid sarupaning mad, nun paeh jeung tanwin jeung nu sarupana. Anu tengah geus diajar kana makhroj, sifat,rum, naql jeung sajabana, tah anu luhur mah geus ngabandingkeun gaya bacaan antara 7 ahli qiro’at anu katelah qiroa’at sab’ah tea.

Euh ongkoh rek ngabahas alip bingkeng na iraha atuh kalahkah kana fiqih jeung tajwid sagala? Heueuh atuh sabar, pan ceuk paribasa oge sagala perkara teh kudu malapah gedang supaya caina herang laukna beunang. Na bisa kitu ngala lauk ku palapah gedang?…

Tah lamun dina widang nahwu nya pon kitu deui aya tingkatanna. Budak santri nu ngeukeuweuk kitab jurumiyah berarti masih dasar, nu ngeuleuweuk matan jurumiyah jeung imrithi katut alfiyah berarti tengah, nu ngeuweuk kitab-kitab nu patali jeung mantek, ma’ani katut bayan berarti tingkatan luhur. Ayeuna urang balik deui kana guaran urang anu patali jeung alip bingkeng tea, dina elmu nahwu bakal papanggih jeung alip bingkeng kalayan hukum-hukumna teh nyaeta pas tingkatan tengah sabab dina tingkatan dasar ngan ukur apal rupa teu ngaho ngaran jeung memang can diguar bahasan alip bingkeng dina eta tingkatan mah.

Tah dumasar kana eta jelema nu ngucapkeun ‘teu apal alip bingkeng alip bingkeng acan’ berarti asup kana tingkatan dasar tadi, jadi minimal dina fiqhna geus molotok sapinahna, dina tajwidna geus molotok hukum-hukumna, dina sorop geus molotok kailani katut tasrifanna, dina tauhid geus molotok tijanna tur dina nahwu geus molotok jurmiyahna.

Halaaaaaaaaah siah ….. tong boro raah alip bingkeng bet alip lempeng anu kabagi kana alip layyinah jeung yabisah oge teu pati apal….

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Carita Pondok Beo Botak

Carita Pondok Angin Kasumba

Carita Pondok Jurig Imitasi