Kumpulan Carita Sunda Lucu Kalima

Budak jeung Emana


Budak umur tilu taun keur meujeuhna capétang ngomong, sagala rupa ditanyakeun ka emana.
Budak : "Ma ari adé dikandung ku ema ka sabara sasih ?"
Emana : "Salapan bulan salapan poé !"
Budak : "Ari adé ayeuna umurna sabaraha taun ?"
Emana : "Tilu taun !"
Budak : "Ari ema nikah sareng bapa tos sabaraha taun?"
Emana : "Tilu taun ogé !"
Budak : "Jadi nu salapan bulan salapan dinténna...?" (tarangna kerung semu nu mikir)
Emana : "Eh salah kétah, umur hidep téh ayeuna nembe sataun satengah!" ( rada gugup)
Budak : "Ah..maenya umur adé nembé sataun satengah, tos capétang kieu!"
Emana : "Geus ah tong loba tatanya, Pamali!" ( bari ngaléos indit ) (SR)

Jiang Zemin Orang Garut ?

Kabayan : "Abah kenal teu ka Jiang Zemin ?"
Abah : "Nya apal atuh, mantan Presiden Cina sampai Maret 2003"
Kabayan : "Uiii hebat euy ..."
Abah : "Abah teaaa ....", bari ngusapan kumis bakat ku bangga
Kabayan : "Bejana Jiang Zemin teh aslina orang Garut nya Bah."
Abah : "Ah... ceuk sahaaa ...??"
Kabayan : "Da ngaran aslina mah cenah Ujang Jamin, ngumbara ka Cina ganti ngaran jadi Jiang Zemin ... hehehe ... Kabayan tea..." bari gura-giru ngaleos
Abah : "Dasar si borokokok !!"

Ngagagambar Jurig

Dihiji tempat angker tim "gerayangan" keur ngadeteksi arwah nu ngageugeuh tempat eta. Tim nugaskeun saurang ahli supranatural nu katelah mbah Rewok Genjlung anu pinter ngadeteksi mahluk halus kujalan ngagambar bungkeuleukanana. Satengah jam tiharita kakara rengse,mbah Rewok Genjlung langsung ditanya ku salasaurang tim.

Tim : " Mahluk naon nu ngageugeuh tempat ieu teh mbah ?"
Mbah Rewok : " Kuntilanak !"
Tim : "Geuning gambarna aya dua rupa, naha kuntilanakna aya dua?"
Mbah Rewok : "Lain aya dua, tapi eta eta keneh, ngan bedana dina buukna !"
Tim : "Enya we, nu eta mah kiriting ari nu ieu mah lurus,geuning bisa kitu ?"
Mbah Rewok : "Bisi teu nyaho mah anu kiriting digambar samemeh indit kasalon, tah ari nu buukna lurus digambar balik ti salon tas di rebonding cenah."
Tim : ?!@#

Kutipan tina majalah mangle, ketawa(.)com

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Carita Pondok Beo Botak

Carita Pondok Angin Kasumba

Carita Pondok Jurig Imitasi