Carita Pondok BULAN WANCI SAREUPNA
Carita Pondok BULAN WANCI SAREUPNA Saung Pangreureuhan, 2000 sumber: daluang.com Bulan beuki pias di awang-awang. Ukur dibaturan ku tilu béntang anu tingkariceup. Geus teu kadéngé deui gebyurna lambak. Geus teu kaciri deui runggunukna pilemburan jeung ngamparna pasawahan. Bieu, pabuburit, kapal geus miang ninggalkeun palabuan. Ninggalkeun salaksa katineung di ditu, di bali geusan ngajadi. Asa cikénéh, tur asa detik bieu pisan, kuring nénjo marakbakna kembang samoja di pipireun imah. Tangkal samoja gigireun kuburan bapa, anu ku ema mah dipiara pisan. Malah saméméh ema ninggalkeun, nyusul bapa ka kalanggengan, ukur hiji anu diamanatkeun téh; pangmiarakeun tangkal samoja. Ayeuna, amanat ema téh kamomorékeun, lantaran kuring kaburu indit. Teuing saha nu bakal neruskeun miara éta tangkal samoja. Indit téh éstuning taya kereteg ti méméhna. Teu boga niat ti anggalna. Malah henteu kungsi ngimpi-ngimpi acan. Isuk-isuk, basa kuring rék nyawang meletékna panonpoé nu baris maturan hirup kabeu...