Carita Pondok Pemuda Beuki Nenggak

Carita Pondok Pemuda Beuki Nenggak

*PloKk*

Sumber : Basa Sunda dot com

Carpon Pemuda Beuki Nenggak

Dina hiji waktu, di caritakeun aya tilu urang budak ngora nu beuki nginum. Maranéhana téh keur arénjoy bari sasarandéan nyampai di sisi jalan. Matana barereum, kitu ogé sarua jeung bengeutna lantaran geus pararah narenggak botol.

Ari ka tilu budak ngora éta caritana arék naraék mobil taksi. Nah tos kitu, teu lila aya ogé léwat mobil taksina, nya tos atuh langsung di ereunkeun ku tiluan budak ngora anu tos narenggak botol éta téh. Ceuk supir taksina téh na jéro haténa: “Anyir.. ieu barudak ngora téh marabok waé pagawéannana, ku aing gawéan siah..!”

Tah geus kitu, ararasup tah budak ngora téh nu titiluanan ka jéro taksi. Sangges di jéro taksi, si supirna langsung ngahurungkeun mesin mobilna bari di gerung gerungkeun sakedeung geus kitu dipareman deui. Ceuk supirna téh: “Atos nepi a, mangga atuh sok geura tarurun..!!”

Nah, percaya wéh ari éta barudak ngora téh lantaran geus pararah. Budak ngora nu ka hiji turun bari mayar, kitu ogé budak ngora nu ka dua, turun bari sasalaman jeung ngomong nuhun ka supirna si éta mah.

Nah, pas giliran budak ngora nu ka tilu, manéhna mah turun bari ambeuk-ambeukan nyarékan jeung nyabok beunget supirna, bari ngomong: “Engké deui mah mun mawa taksi téh ulah ngebut-ngebut teing geura satéh, bahaya! Kalem wéh atuh.!” Ceuk supir taksina téh: “Dasar jelema garering siah!!!” *PloKk*

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Carita Pondok Beo Botak

Carita Pondok Angin Kasumba

Carita Pondok Jurig Imitasi