Carita Pondok Si Pelung
Carita Pondok Si Pelung Ku Usép Romli HM Sumber:Bujanggamanik.wordpress.com Sanajan geus kolot, liwat ti kolot nurutkeun ukuran kalumrahan umur hayam, Si Pelung masih kénéh jagjag waringkas. Masih kénéh mampuh némbongkeun tagog dangong jago pinilih. Masih kénéh mampuh ngelewungkeun sora ari kongkorongok janari. Sakapeung Si Pelung sok ngarasa reueus, lamun aya nu nyarita, “Kuatan tah hayam. Nepi ka kahot kitu. Pantaranana mah geus ka marana boa.” Tapi sok nalangsa, lamun nu nyarita cikénéh, aya nu ngéngklokan: “Padahal lain turunan Bangkok, nya?!” Mun bisa, hayang Si Pelung nambalang. ”Mémangna hayam pinunjul téh kudu turunan Bangkok baé? Ari turunan asli lemah cai kudu mélédré baé kitu?” Geuning ieu aing!” Sarta mun bisa, hayang Si Pelung ngadadarkeun riwayatna ti asal mula. Ti barang dipegarkeun, terus dikukut diistiméwakeun ku Haji Basari. Nepi ka mangsa jajangkar, dijadikeun pangbéla basa anak bungsu Ki Haji, Encép Umar disunatan dina umur lima taun. Ayeuna Encép Umar geus tér...